Ujang Sarjana, Maké Sorban
Ujang Sarjana, Maké Sorban
Ujang téh budak lembur nu bisa sakola luhur. Ti bubudak, kolotna geus miharep manehna jadi jelema nu suksés. Sanggeus sababaraha taun kuliah di kota, Ujang balik deui ka lembur. Tapi aya nu béda. Ujang nu bareto sok maké kaos jeung calana jeans, ayeuna datang maké baju koko, sarung, jeung sorban bodas lilit kana sirahna.
Barang nepi ka lembur, warga langsung rikat nyampeurkeun. "Subhanallah, Ujang téh geus jadi kyai ayeuna mah!" ceuk Mang Darman bari neuteup ka Ujang jeung rasa reueus.
Bu Imih teu tinggaleun, manehna ceurik haru, "Allahu Akbar, leres pisan cenah sakola téh penting. Ayeuna lembur urang boga kyai!" Budak leutik ge jadi pada nuturkeun Ujang, bari pada nyebut "Abah Ujang, Abah Ujang!"
Padahal, laporan sarjana na can bérés. Skripsi can dipertahankeun. Tapi kabéh geus percaya yén Ujang téh geus jadi tokoh agama.
“Abah Ujang, punten, ieu mah abdi bade naros… Kumaha carana mun mayunan hutang nu geus lila?” ceuk Mang Udin, rada humandeuar.
Ujang ngeluk, tapi nyoba némbongkeun beungeut wijaksana. “Euh… Éta mah kedah ditalar… Ku cara istiqomah… jeung ikhlas…” pokna, sanajan haténa sorangan bingung.
Ti harita, unggal aya hajatan, Ujang sok disuhunkeun maca doa. Unggal aya masalah, Ujang sok dipenta nasehat. Teu aya nu wani naroskeun skripsina.
Tapi hiji poe, babaturan sakuliahna datang ka lembur, nyarekan bari ceurik, "Jang, laporan skripsi can dipertahankeun! Naha balik maké sorban siga kyai?"
Warga pada ngaromong. Ujang ukur bisa mesem hareugeueun. Tapi sorban tetep dipaké. Kumaha atuh, da geus kapalang dianggap kyai. "Kumaha aing?"